Dangiang
Anaking budak bapa anu Kasep, Geulis, Pinter, Lucu, Ménak,..
Aya harepan Bapa anu ngagedur taya kendatna. Bapa mémang moal bisa marengan léngkah hidep salilana, tapi Bapa geus nunda "akar" dina jero dada hidep masing-masing. Nalika jagat mimiti karasa rariweuh, balik deui kana haneutna deudeuh kulawarga, inget deui kana papatah anu ku Bapa dirajut tina peurihna hirup.
Mugia hidep jembar ku kawaluyaan; miboga akal anu pinter tapi teu dipaké pikeun minteran, miboga jiwa anu menak tapi jauh tina sipat adigung ka sasama. Warisan Bapa mah lain emas nu baris lantis, lain dunya nu baris sirna, tapi karakter anu kukuh sangkan hidep tetep miboga dangiang dimana waé hidep nincak. Mugia Gusti nangtayungan saban léngkah, sangkan hidep tetep ajeg dina jalan kahadéan anu murni, pantang nyieun salah (anu dihaja), léah ngahampura, sarta rajin babagi tanpa pamrih.
Anaking, hidep nu kasep tur geulis rupa, nu pinter sarta lucu paripolah. Dangukeun haréwos Bapa, sabab dina unggal kalimah aya sésa doa anu can lekasan, sarta tapak cipanon anu geus manunggal jadi tanaga.Catetan ieu diserat pikeun hidep engké, nalika hidep geus nincak sawawa, nalika dunya geus mimiti nembongkeun rupa nu sabenerna. Bapa hayang hidep wanoh kana akar hirup sorangan. Hiji fondasi anu ku Bapa disusun kalayan rintih, sangkan hidep miboga panyalindungan nalika jagat karasa asing sarta méré goncangan batin. Bapa hoyong hidep henteu leungiteun arah, sabab boga akar anu nanceb jero kana bumi, sangkan kuat nangtung ajeg sanajan dihégak ku angin puyuh jaman.
Sajeroning Riuhna Jaman
Jujur waé, aya rasa hariwang dina dada Bapa nalika ningali hidep tumuwuh dina mangsa anu sagalana sarwa gancang. Dunya siga nu keur lumpat, sakapeung poho eureun pikeun nimbang hadé jeung goréng. Kasantunan mindeng kasisih ku gancangna ramo dina layar HP, sora haté kageuleum ku riuhna pangakuan dunya anu ngan saukur panggung sandiwara.
Dina kaayaan kieu, Bapa beuki sadar yén warisan panghadéna lain harta banda anu bakal béak, tapi kateguhan batin jeung jiwa anu menak. Sabab saenyana, anu ngajaga urang dina poékna peuting lain naon anu urang boga, tapi naon anu ngancik dina diri urang.
Harga Diri jeung Puhu Hormat
Anaking, jaga dangiang hidep. Bapa sieun lamun hiji mangsa hidep kaleungitan rasa hormat, hidep bakal leungit martabat. Ibarat aya tapi dianggap euweuh, hirup hambar sabab batur geus teu maliré, malah diri sorangan gé mimiti mangmang kana kamampuan diri.
Rasa hormat téh Aji Diri. Éta pisan nu ngabédakeun urang jeung mahluk séjén. Nalika urang mulasara hormat, batur bakal ngajénan lain ku sabab sieun ku kakawasaan, tapi ku sabab urang mampu ngajaga harga diri kalayan laku anu utama.
Hormat téh puhu, akar anu utama. Ibarat tangkal, lamun akarna geus korépat, sakali katebak angin leutik gé bakal gampang rungkad. Jalma nu teu boga rasa hormat bakal gampang kabawa palid ku omongan batur, gampang kagégél ku kaayaan.
Pantang Nyieun Kasalahan nu Dihaja
Ku sabab éta, Bapa neundeun prinsip anu kudu pageuh dicepeng nyaeta Pantang nyieun kasalahan anu dihaja ka batur. Kapercayaan téh barang mahal, Cu!!, Éta lain harta nu bisa dibeuli ku duit, tapi dirajut ku kajujuran anu dijaga mangtaun-taun. Sakali éta kapercayaan pegat, rasana bakal tiis jeung poék. Hidep bisa waé aya di tengah raména riungan, tapi bakal karasa nyorangan sabab teu aya deui tempat anu aman pikeun nyandarkeun diri.
Kasalahan anu dihaja leuwih beurat tibatan khilaf. Sabab didinya aya niat pikeun khianat. Éta lain saukur salah, tapi tanda yén aya nu ruksak dina jatining diri.
Nalika Dunya Teu Adil
Sakedap, bageur, pinter, lucu, menak,…
kumaha lamun hiji mangsa hidep anu dinyeunyeri?.
Hirup memang moal salawasna méré kaadilan. Aya mangsana hidep geus jujur, tapi tetep disalahkeun. Aya waktuna hidep geus satékah polah ngajaga kapercayaan, tapi tetep dikhianat. Dina kaayaan kitu, Bapa teu ménta hidep jadi jalma anu teu boga rasa. Ambek téh manusawi, kuciwa téh lumrah. Tapi, tenang heula. Ulah buru-buru ngabales nalika haté keur panas. Kaputusan nu lahir tina amarah mindeng nyésakeun kaduhung anu moal manggih tungtungna. Pasrahkeun ka hukum anu leuwih luhur. Dina kahirupan aya Sunatullah, aya sabab jeung akibat. Jalma anu melak lampah goréng, hiji waktu bakal ngala balukarna, sanajan urang teu ningali langsung. Tugas urang ngan saukur ngajaga laku sorangan supaya tetep beresih tina dosa.
Keun,.. waktu anu bakal ngajawab. Waktu miboga cara nu unik pikeun muka naon anu saméméhna katutup, sarta méré tempat anu pantes pikeun unggal lampah manusa. Ngajaga laku sorangan leuwih penting tibatan meunangkeun sugema amarah anu ngan sakedapan.
![]() |
| "Pantang nyieun kasalahan ka batur, Leah hate ngahampura kana kasalahan batur, rajin mere kahadean ka batur, tara ngarep-ngarep kahadean ti batur" |
Jembarkeun Haté ku Kahadéan
Hirup lain ngan saukur soal nahan diri tina salah, tapi aya léngkah nu leuwih luhur nyaeta Rajin melak kahadéan. Basajan pisan nyaeta hampang leungeun nulungan nu butuh, teu loba itung-itungan, sarta dilakukeun kalayan istiqomah unggal poé. Kahadéan nu sakali mah bisa jadi kabeneran, tapi kahadéan nu dijaga sapopoé téh tanda yén haté hidep geus dijembarkeun. Tapi inget, méré kahadéan téh kudu tanpa pamrih. Di dinya aya kamerdékaan. Lamun hidep méré bari nyimpen harepan hayang dibales, hartina hidep keur dagang, lain keur babagi.
Kahadéan anu murni moal bisa diukur ku dunya. Hargana aya dina katenangan haté hidep sorangan. Lamun hidep méré bari ngarep-ngarep balesan, hidep bakal gampang kuciwa. Nalika batur teu maliré, haté hidep bakal nyeri. Malah bisa jadi panyakit haté, nyaéta ngungkit-ngungkit kahadéan sorangan, ngarasa leuwih hadé ti batur.
Hirup hidep moal tenang lamun terus nagih balesan ti manusa. Padahal, kahadéan saéstuna mah mémang teu pikeun ditagih.
Muga-muga, ieu catetan jadi obor dina peuting anu poék pikeun hidep, Anaking.


Komentar
Posting Komentar
Komentar yang sopan dan relevan sangat dihargai. Spam atau ujaran kebencian akan kami hapus demi kenyamanan bersama