Ruwat Waris Karuhun: Ngaji Diri dina Gurat Wanci

 

Ruwat Waris Karuhun

"Sajatining laku teh nyaeta nalika urang wani neuleuman diri, mulasara emutan, sarta ngamulyakeun waktu anu geus dipaparinkeun"

Assalamu'alaikum Wr. Wb,...
Sampurasun

Hirup di alam dunya téh saenyana urang nuju ngumbara dina hamparan waktu anu dipaparinkeun ku Nu Maha Kawasa. Unggal léngkah mangrupa tapak, unggal rénghap mangrupa carita. Nanging, remen pisan urang lali, yén tina sakian rébu poé anu geus kasorang, loba pisan mutiara hikmah anu titeuleum dina poékna poho.

Blog ieu, Ruwat Waris Karuhun, dibabarkeun minangka "sasaka" atawa tempat panyalindung pikeun sagala rupa emutan. Didieu, urang nuju nyoba ngumpulkeun deui balung anu papisah, ngaruwat deui waris anu mangrupa ajén-inajén luhur ti para karuhun, sangkan tetep hurung dina dada.

Panyinglar Rasa: Sajatining Handap Asor

Dina nyeratkeun unggal aksara didieu, aya hiji jangji anu dicepeng deleg ku sim kuring:

"Sanes bade adigung adiguna komo deui ngarasa bisa, ieu ukur jadi sarana pikeun ngedalkeun pangeusi hate"

Kalimah diluhur téh sanés ngan ukur mamanis basa, tapi mangrupa panyinglar sangkan sim kuring teu kakeueum ku caahna sombong. Nyerat téh sanés hartosna tos punjul ti nu lian. Sabalikna, nyerat téh nyaéta cara sim kuring keur ngaji diri, ngaji rasa. Urang sadar, yén jalma anu "ngarasa bisa" saleresna nuju nutup panto hidayah, sedengkeun anu dipilari ku urang mah nyaéta sipat "bisa ngarasa".

Kukurubut mumunggang dina diajar

Sajabaning éta, kedah kauninga ku sadayana, yén sim kuring anu nyerat didieu téh nuju diajar, banget pisan diajarna. Ibarat budak anu nembe diajar leumpang, sim kuring gé nuju lelengkah halu bari kokoloyongan, kukurubut ngoréhan deui harti tina unggal kajantenan.

Sim kuring sanés ajat, sanés jalma anu luhung ku élmu panemu. Ieu seratan téh mung saukur "tapak ucing" dina leutak kahirupan, tanda yén sim kuring kantos ngaliwat bari nuju usaha milari jalan mulang. Éstuning nuju "ngisikan rasa, ngumbah manah", diajar neuleuman jeroeun diri anu sakieu legana.

Mulasara Emutan, Ngamulyakeun Waktu

Naha bet kedah diruwat? Naha bet kedah dicatet?

  1. Mulasara Emutan: Ingetan manusa téh ibarat tulisan dina luhureun keusik basisir, gampang pisan kabur katebak lambat. Ku cara nyatet, urang nuju mulasara warisan batin sangkan teu musnah kitu baé.

  2. Ngamulyakeun Waktu: Waktu téh makhluk anu moal bisa dipulang deui. Ngantep waktu lali tanpa hartos téh mangrupa kaduhung anu kacida jerona. Urang ngamulyakeun waktu ku cara ngeusianana ku hal anu mangpaat.

Pamungkas

Ruwat Waris Karuhun sanés ngan ukur soal carita baheula, tapi soal kumaha urang mawa cahaya baheula pikeun nyaangan jalan ayeuna. Muga-muga, naon anu kedal tina pangeusi hate dina ieu blog, tiasa janten cukang lantaran pikeun urang sadaya sangkan langkung asak dina rasa, langkung luhung dina budi, sarta tetep handap asor.

Mugia urang sadaya ditepaskeun tina sifat adigung, sarta sing dipaparin kakiatan kanggo terus diajar dugi ka wanci mulang ka Jati.

Komentar

Postingan Populer