​Mepende Raheut ku Kalangkang

Hirup téh saenyana ngan saukur simpenan kenangan anu lila-lila maseukan dada. Dina sela-sela waktu anu terus lumaku, urang mindeng kapancing pikeun malik ka tukang nganteur lamunan mapayan deui tapak-tapak anu geus dipiceun ku poé. Aya hiji kakuatan anu hamo bisa ditolak nalika pikiran mimiti nyalusur jalan satapak nu kungsi diliwatan ku suku, dimana baheula urang kungsi nanjeurkeun harepan.



Antara Amis jeung Paitna Lalakon

Amis-amisna hirup geus kasorang, pait peuheur lalakon geus liwat dipilampah. Éta sakabéh téh lain ngan saukur kajadian, tapi mangrupakeun sajak hirup anu ditulis ku mangsi takdir. Geuning bener, manusa mah ngan saukur bisa ngararasakeun, tapi teu bisa milih rasa naon nu bakal datang. Paitna hirup téh saenyana mah jamu pikeun metot urang sangkan leuwih kuat, sedengkeun amisna hirup téh ujian sangkan urang teu teuing poho kana daratan.

​Cuang-Cieung: Nalika Dunya Karasa Sepi

Aya hiji mangsa, nalika suku geus lungsé mapay poé, kuring manggihan diri aya dina titik anu panghandapna. Disatukangeun raména jalma, disatukangeun gumeulurna dunya, haté mah bet ngarasa sepi nu kacida. Asa cuang-cieung sorangan. Padahal lain keur aya di tengah leuweung geledegan, lain keur aya di puncak gunung nu suni, tapi rasa simpé téh maseukan dada di tengah-tengah hiliwirna napas batur.

​Harita, teu aya batur pakumaha. Teu aya taktak keur nyangsaya, teu aya sora anu bisa ngupahan. Kuring nangtung dina kalangkang sorangan, neuteup langit anu jiga milu mureleng. Dina kaayaan kitu, diri téh asa taya hargana, jiga salembar daun garing anu kabawa angin. Di dinya kuring sadar, yén kasorangan anu pangbeuratna téh nyaéta nalika urang leungiteun "diri" urang sorangan di tengah raména batur.

Nalika Haté Kahieuman Parende

Dina jero dada, sakapeung urang ngarasa haté téh "kahieuman parende." Hiji suasana dimana caang henteu, poék ogé henteu. Ieu téh titik pangjerona dina rasa manusa, nalika urang aya di antara kanyataan jeung impian. Di dieu, kaasih nu pegat jeung beubeulahan haté mindeng datang teu diulem, maturan dina jero lamunan anu simpé.

​Ngebatna harepan téh gening sakapeung mah ukur "mepende" ubar saré pikeun haté anu keur raheut. Urang mindeng teuing neundeun harepan dina kalangkang anu paantay-antay, padahal kalangkang mah moal kungsi bisa dirangkul. Manéhna ngan saukur "gugupay," méré isarat yén aya anu kungsi miboga rasa, tapi hamo bisa deui jadi nyata.

Filosofi Ikhlas: Narima naon nu Aya

​Dina pamungkasna, mapayan tapak nu geus kaliwat téh lain keur néangan anu leungit, tapi keur nempo deui sakumaha jauhna urang geus leumpang. Rasa cuang-cieung anu kungsi nyiksa téh saenyana mah cara alam keur ngajarkeun urang sangkan bisa mikaasih ka diri sorangan saméméh mikaasih ka batur.

​Sabab, najan kalangkang asih ngan ukur gugupay, manéhna geus méré warna dina kanvas hirup urang. Tanpa éta pait jeung peuheur, urang moal kungsi nyaho hartina "caang" saenggeusna "poék." Ayeuna, kari kumaha urang mulas deui poé isuk ku sésa rasa anu masih aya dina dada.

"Najan poé kamari ninggalkeun raheut nu peurih,  ulah nepi ka poho yén isuk téh masih milik Gusti. Urang mah ngan saukur ngalalakon, mapay jalan bari mawa rasa syukur anu taya kendatna"

Komentar

Postingan Populer